Pangipukan Ngarumat Budaya Sunda


Minangka pangreah-reah panganteur ka murangkalih nu seja ngantunkeun sakola reh na tos niti wanci nu mustari ninnggang mangsa nu sampurna pikeun sadaya siswa kelas 6 nu kenging sertifikat lulus tina ujian nasional tur kenging ijazah ti sakola dasar kedah ngalanjutkeun ka sakola nu leuwih luhur. 
Pengreah nu diayakeun ku sakola SD.Negeri Pangipukan dina acara "Perpisahan dan Kenaikan Kelas" taun ajaran 2010 - 2011, ngagelar sagala rupa kamonesan boh nu dipintonkeun ku siswa-siswi na, para alumnina oge ku para guru-guru na. Salah sahiji pagelaran nu dipintonkeun ku Guru-guru SD.Pangipukan Kec.Patokbeusi nyaeta Midangkeun Kasenian Degung, itung-itung "Ngarumat Budaya Sunda" da urang teh urang tatar sunda kitu saur Bapa Eman, SPd.I minangka Kapala Sakola di SD.Pangipukan Kec.Patokbeusi.
Minangka kokojo dina pagelaran ieu teh nyaeta Bp.Agun Sugiarta, malah anjeuna mah pakaulan sagala dina acara eta teh, midangkeun ibing pencak silat.
Pagelaran ieu teh tiasa dijadikeun conto keur sadaya murang kalih didik nu aya di SD.Negeri Pangipukan Kec.Patokbeusi tur sakola-sakola nu sanesna nu aya di tatar sunda alias Jawa Barat.

Gb.1. Degung Guru-Guru SD.Pangipukan
 
Gb. 2. Ibing Pakaulan Ku Bp.Agun Sugiarta
 
Dupina sakitu heula nu kapihatur, malahmandar janteun pangrumat kasadya urang sunda. Insya Alloh disambung deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar